Buku Taman Sekar


                                                   Buku Taman Sekar jilid 2

                                                          Parabot Patukangan

 Dina hiji poe Wardi ulin ka kaum,ka bumina Pa naib. Putra Pa Naib aya nu saumur jeung Wardi,malah di sakolana oge sakelas,ngaranna Halim,nenehna Ayim.

" Dupi Ayim aya ...? ceuk Wardi
" Aya,itu di tukang.Ayim ieu aya Wardi...!" saur Pa Naib. Halim norojol nyampeurkeun.
" kabeneran Di, puguh uing teh rek ka Bojong,ka Mang Suta nu keur ngadamel bumi. Rek milu...? ceuk Halim." Puguh we tembal Wardi.

Tuluy barudak teh arindit ka Bojong. Henteu jauh,aya meureun sakilometer mah. Ti kajauhan keneh geus kadenge rame dok-dak nu malu, nu natah, nu noktrokan,nu ngaragaji jeung rea-rea deui.

Tukang tembok masang pademen, batuna ditumpangkeun tuluy ditaplok ku aduk make sendok.

Tukang kayu keur ngebor tihang. Aya nu keur nyugu,sruk-srek,sruk-srek,sorana teh.
Panyuguannana aralus naker siga buuk galing.
" Yim kumaha nya, geuning bisa lempeng eta nu ngaragaji teh ...? " ceuk Wardi.

" Apan eta make sipatan tuh geuning dijepretkeun. Benangna hideung heula ku mehong dicampuran minyak tanah jeung minyak kalapa. Henteu make jidarcara urang disakola." tembal Halim.
" Ari eta naon nu siga kampak,tapi siga pacul deuih...?" ceuk Wardi.

" Nu kitu ngaranna rimbas,paragi ngaratakeun kai memeh disugu. Tuh geuning kitu metakeunnana...! Siga babari teh nya,ari ku tukangna mah ...!"
" Sigana babari soteh...!

                 Tina:Taman Sekar jilid 2.1975.