Showing posts with label Buku Bahasa Sunda Taman Sekar. Show all posts
Showing posts with label Buku Bahasa Sunda Taman Sekar. Show all posts

Buku Pelajaran Taman Sekar jilid 2



BUKU SUNDA TAMAN SEKAR 

buku taman sekar



Ngala Duit 
Pukul lima pasosore Pa mantri Cacar saputra-garwa caralik di payun. Poena teu pati hade. Hujan leutik ngaririncik.

Di jalan teu loba nu lalar-liwat.
" Garing ...! Garing...!" Tukang kacang goreng nawarkeun suuk beunang nyangray.

" Pa," Ceuk Wardi. " geura itu tukang kacang,hujan-hujan ngider keneh bae. Teu tiris-tiriseun,nya...!"" Puguh bae tiriseun mah. Tapi kumaha atuh,mun teu kitu mah meureun moal meunang duit. Geura tuh,tukang beca,dibelaan dilaan bajuna bisi baseuh," saur Pa Mantri Cacar.

Komo tukang es jeung jeung tukang minatu mah,usum hujan teh kacida sarusaheunnana," ceuk Suryati.

"Ngan tukang sado meureun nu teu susaheun teh,da iuh bae,jeung ari aya muatan,bisa dimahalkeun," omong Umar.

" Geuraheun," saur Pa Mantri Cacar," ari kudana ngadat mah kapaksa kudu turun. Puguh ge henteu babari neangan duit halal keur dahar teh. Boh nu jeneng boh nu kuli atawa nu dagang sarua bae. Mun teu daek hese mah moal bubuenangan."

              Tina : Taman Sekar Jilid 2.1975


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Taman Sekar


                                                   Buku Taman Sekar jilid 2

                                                          Parabot Patukangan

 Dina hiji poe Wardi ulin ka kaum,ka bumina Pa naib. Putra Pa Naib aya nu saumur jeung Wardi,malah di sakolana oge sakelas,ngaranna Halim,nenehna Ayim.

" Dupi Ayim aya ...? ceuk Wardi
" Aya,itu di tukang.Ayim ieu aya Wardi...!" saur Pa Naib. Halim norojol nyampeurkeun.
" kabeneran Di, puguh uing teh rek ka Bojong,ka Mang Suta nu keur ngadamel bumi. Rek milu...? ceuk Halim." Puguh we tembal Wardi.

Tuluy barudak teh arindit ka Bojong. Henteu jauh,aya meureun sakilometer mah. Ti kajauhan keneh geus kadenge rame dok-dak nu malu, nu natah, nu noktrokan,nu ngaragaji jeung rea-rea deui.

Tukang tembok masang pademen, batuna ditumpangkeun tuluy ditaplok ku aduk make sendok.

Tukang kayu keur ngebor tihang. Aya nu keur nyugu,sruk-srek,sruk-srek,sorana teh.
Panyuguannana aralus naker siga buuk galing.
" Yim kumaha nya, geuning bisa lempeng eta nu ngaragaji teh ...? " ceuk Wardi.

" Apan eta make sipatan tuh geuning dijepretkeun. Benangna hideung heula ku mehong dicampuran minyak tanah jeung minyak kalapa. Henteu make jidarcara urang disakola." tembal Halim.
" Ari eta naon nu siga kampak,tapi siga pacul deuih...?" ceuk Wardi.

" Nu kitu ngaranna rimbas,paragi ngaratakeun kai memeh disugu. Tuh geuning kitu metakeunnana...! Siga babari teh nya,ari ku tukangna mah ...!"
" Sigana babari soteh...!

                 Tina:Taman Sekar jilid 2.1975.


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku SundaTaman Sekar


                                                                     
buku sunda taman sekar
BUKU BAHASA SUNDA TAMAN SEKAR

buku taman sekar
BUKU TAMAN SEKAR
                        PARABOT IMAH


" Di, saur ibu Mantri Cacar, " saur Mang Suhardi...!" Teu lila Suhardi, juruladen Pa Mantri Cacar, geus jol datang.

" Suhardi, ieu korsi nu reyod teh bawa ka tukang kayu sina diomean. Tanyakeun,sabaraha ongkosna jeung iraha anggeusna ...!"
" Mangga," ceuk Suhardi. Tuluy korsina dipanggul.
" Bu kenging abdi ngiring...? cek Wardi." Jig bae," saur Ibu Mantri.

 Tukang kayu teh Pa Sutara ngaranna,imahna teu jauh ti imah Wardi. Kabeneran Pa Sutara keur di imahna. Tepasna teu wudu lega,tapi meh pinuh ku parabot imah nu geus anggeus. Cacakan aya di kacamatan mah pa Sutara teh rea langganannana,malah ti kota ge sok aya nu mesen,sabab pagaweannana rapih jeung teu pati mahal.

Sabot Suhardi badami jeung Pa Sutara,Wardi alak-ilik nenjoan barang-barang parabot imah,kayaning lomari kaca,meja tulis,tempat tidur,meja makan nu beunang dipanjangkeun,gantungan topi jeung rea-rea deui.

Sangeus beres urusan ngomean korsi ceuk Suhardi : " Mangga den urang mulih."

                                                       Tina : Taman Sekar 2.1975.

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!