Bobodoran Sunda
" Beregejed "



TENTARA BELANDA DI JLN BRAGA
BEREGEJED.
Dina hiji poe panglima rek mariksa kabersihan di salah sahiji asrama militer. Puguh bae sakabeh pangeusi asrama pohara tagiwurna,lantaran jaman harita mah kabersihan teh kurang diperhatikeun. Atuh sadatangna beja yen panglima rek datang mariksa,sakabeh pangeusi asrama obyag digarawe. Aya anu sarasapu,aya nu ngalapur tembok jeung sajabana.

Kocapkeun panglima anu pangkatna Brigadir Jenderal teh datang dikawal ku sababaraha Jip militer. Terus bae mariksa unggal kamar. Waktu panglima rek mariksa WC,dijajalaneun papaliwat jeung saurang calon prajurit.
Atuh puguh bae si calon prajurit reuwaseunana,lantaran kakara pisan panggih jeung panglima.

"Aduh,kudu kumaha aing ngomong,mangka panglima teh pangkatna Brigadir Jendral,kudu kumaha ngahormatna?" gerentes hate si calon prajurit.

Beuku deukeut beuki rampang-reumpeung si calon prajurit teh. Maneha uleng mikir kumaha pipokkeun ngahormat ka Brigadir Jendral. Ari ka Mayor atawa ka Letnan mah geus bisa sapopoe, " Selamat siang Yor!" atawa Selamat sore Let!". Ari ieu ka Brigadir Jendral naon singkatanana. Ari rek disingkat "Selamat siang Brig!" asa ngewa. Ari dipanjangkeun "Selamet siang Brigadir jendral!" asa kurang merenah.

Lantaran geus deukeut tea,tungtungna mah si calon prajurit teh ngahormat sakacuam-cuam "Selamat siang Beregejed!" cenah. Maksudna mah Beregejed teh singkatan tina Brigadir Jendral.
Nu dihormat seuri bari unggut-unggutan.
HEUREUY BANDUNG - Nguseup Klik di dieu

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.