Dongeng Sunda Akal Sakadang Peucang







 Dongeng Sunda Akal Sakadang Peucang
Kancil : "Keur naon Sakadang Monyet,Sakadang Mencek ? Ngaharuleng kawas nu susah ?

Mencek : "Teu kaharti ku Sakadang Buaya. Hawek beakeun ku sorangan.Ku naon urang teu meunang nginum di walungan ?
Teu kawas Sakadang Banteng.Ari keur kurang cai,manehna mah tara nginum. Asal urang nu laleutik kabagian saeutik sewang."

Kancil : "Apan banteng mah pamingpin urang. Kudu kitu ari pamingpin mah. Mikirkeun raya heula."

Keur kitu jol Gagak.

Gagak :"Heh,dulur-dulur! Di sawah,deukeut saung Pa Tani,aya gentong. Dieusi cai. Tapi teu pinuh.Kuring nyoba rek nginum. Tapi pamatuk kuring teu nepi kana cai.

Monyet : "Yu urang ka ditu sarerea. Kuring mah geus meh teu kuat nahan hanaang."

Mencek : "Aya cai ge taya gunana. Hulu kuring mah teu asup kana liang gentong."

Monyet :"Liangna leutik. Ayeuna mah urang gulingkeun bae gentongna.
Dimana caina kaluar,urang nginum.Saseubeuhna.

Kancil :"Salah kitu mah. Lamun cainabahe,tangtu nyerep ka jero taneuh. Moal bisa diinum."

Mencek : "kKudu kumaha atuh?"

Kancil : "Kudu ngagunakeun akal."

Gagak :"Kumaha akalna."

Kancil : "Geura ngumpulkeun batu. Batu laleutik bae. Sing loba. Tuluy abuskeun ka jero gentong." Omongan Kancil diturut ku Gagak,Monyet jeung Mencek.

Kancil :"geura ngumpulkeun batu,Batu laleutik bae. Tuluy abuskeun ka jero gentong."

Omongan Kancil diturut ku Gagak,Monyet jeung mencek.
Bener bae,cai na gentong naek. geus kitu mah tuluy sarerea ngarinum. Siligenti. Tina Nani Resep Maca jilid.3 Bukunya dijual Disini >>





DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.