Buku Taman Pamekar I - Isah,Aman jeung Ade - Tilu Dulur



       
Buku Taman Pamekar








Barudak,maraneh geus warawuh ka Nyi Isah,ka Jang Aman jeung ka Ade ?
Eta teh tiluanana putra Pa Sastra,Mantri Pasar Cicalengka.
Isah jeung Aman geus sarakola di Sakola Dasar.
Isah geus kelas 6,ari Aman kakara kelas 3.
Ade mah acan sakola,da umurna kakara 5 taun.

Tuh geuning Isah jeung Aman kakara daratang ti sakola,di buruan dipapagkeun ku Ade.Tas buku anu Aman direbut ku adina,dibawa ka tepas.
Buku bacaanana ku Ade dibukaan,diilikan gambarna bari kunyam-kunyem kawas nu maca.
Tapi ku Aman buru-buru direbut deui,da bisi kotor ceunah.
Lamun Isah jeung Aman kakarawihan atawa hahariringan di tepas,Ade sok nurutan.
Geura pek titah ngawih " Tokecang " atawa " Tongtong papatong,apaleun.

Lain ngan kakawihan bae pangabisana teh,gagambaran oge geus bisaeun.
Ari gagambaranana,mimiti sok dina taneuh ku rokrak,atawa dina ubin ku areng.
Tapi sok gancang dipupus ku Isah,da kotor cenah curat-coretdina ubin mah.
Ayeuna mah gagambaranana tara dina taneuh atawa dina ubin,da ku apana geus dipangmeulikeun buku gambar jeung patlotna. Geura yu urang arilikan...!


Tah ieu gambar japati dina pagupon(kandang japati),nu ieu mah lauk emas.
Ari eta anu siga karung beas,tapi aya huluan ... ?
Euh,jelema keur diuk geuning eta mah ... !
Leuh bisaan nya,Ade mah,cacakan acan sakola.
Komo engke mah mun geus sakola,tada teuing pinterna.
Cing saha nu hayang boga adi kawas Ade ? (abdi mah alim).

- Carpon Tina Buku Basa Sunda Taman Pamekar Jilid III "Tumpak Kareta Api Ka Jakarta" klik Nu Ieu >>




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


4 comments:

  1. manawi gaduh bagian tina carita dina taman pamekar jilid III ngeunaan tumpak kareta api ka jakarta.diantos postinganana. hatur nuhun

    ReplyDelete
  2. Taman Pamekar Jilid III teh kalerasan bukuna aya ...mung kedah dipilarian heula (ka tumpuk-tumpuk) ke upami kapendak insya Allah di postingkeun ..hatur nuhun

    ReplyDelete
  3. Mangga kang "Tumpak Kareta Api ka Jakarta" parantos di postingkeun sapalih ... wilujeng ngawawaas anjeun

    ReplyDelete
  4. Manawi saha nu kagungan bukuna, abdi peryogi

    ReplyDelete

Note: only a member of this blog may post a comment.